Blogger Widgets

Sabtu, 14 Januari 2012

ROBOT

Abah jalan-jalan jeung urut kabogoh ka Ginza Jepang.Geus jam 2 beurang can dahar , atuh puguh lapar pisan.
“Mah lapar henteu?”, Abah
“Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu”
“Wah lamun aya Padang mah ngeunah meureun”
“Enya nya, biasana gancang, teu perelu mesen heula”
“Tuh aya restoran nu palayana maké robot!”
“Enya nya, maké robot mah sigana gancang disuguhkeunana”
Kacaritakeun, sup wéh ka restoran robot éta.
Gék diuk pahareup-hareup jeung urut kabogoh Abah.
Enya waé palayana téh robot.
Robot datang ngadeukeutan, pék ngomong :
“What is your nationality?”, robot nanya.
“Indonesia” ceuk Abah.
“Selamat datang”, ceuk robot maké bahasa Indonesia.
“Apa bahasa suku Anda?”, robot nanya deui.
“Sunda”, ceuk Abah.
“Wilujeng sumping. pesen naon?” ceuk robot maké basa Sunda.
“Aya lotek?”, ceuk urut kabogoh nanya ka robot.
“Aya”
“Pesen dua porsi”
“Porsi ageung alit?
“Porsi ageung”
“Sabaraha céngékna?”
“Nu hiji dua, nu hiji sapuluh”
“Nganggo kangkung?”
“Enya”
“Nganggo waluh?”
“Enya”
“Nganggo engkol?”
“Enya”
“Badé engkol ti China atanapi asli Jepang?”
“Nu mana waé lah”, Abah mimiti rada ambek.
“Kacangna badé diréndos atanapi di blénder?”
“Kumaha sia !”
“Kacangna setengah atanapi ?”
“Goréng sing garing!”
“Nganggo goréng bawang henteu?”
“Maké kéhéd!” Abah sesengor tarik pisan.
“Dibungkus daun cau atanapi dipiringan?”
“Dipiringan !”
“Lisahna margarine atanapi lisah kalapa?”
“Jalantah kuya !” bari ambek da geus aya sapuluh menitna.
Robot cicing, lampuna buburinyaian, sigana mah keur proses.
Kira-kira tilu menitan kakara robot téh ngomong deui :
“Hatur nuhun. Pesenan katampi. Mung teu dicumponan”
“Naha? Geus lila-lila tanya-jawab teu bisa dilaksanakeun?”
“Kumargi teu acan aya jalantahna………..”
“Bisa gélo aing ! Yu Mah indit, teu jadi dahar didieu ah !”
Abah gura-giru indit bari ambek

TINGGALKAN KOMENTAR

RAJA E-BOOK GRATIS

RAJA E-BOOK GRATIS
Kumpulan e-book gratis

Blogger templates

Copyright © 2011 Bunnybone . Designed by RidhoGumilang - UTY-Teknik informatika G | Code by @BUBONE_78 | Images by by BB78 Corporation